Jumat, 22 Februari 2013

Bobodoran Sunda


Kabayan Pelesir ka Amerika

Kabayan jeung Mitoha na pelesir ka Amerika. Diditu maranehna jalan jalan ka musieum.

Kabayan keur molototan Mumi mesir kuno, pas di handapeun peti batu na aya tulisan 1227BC.

Kabayan : "Abah...aya angka di batu ieu 1227BC maksudna naon nya, Abah?"

Mitoha : "Ah sia mah dasar kampung, katingali kurang gaul, teu gableg ka nyaho... Eta teh PIN BlackBerry na Firaun...!"

Ngawulang Di SD

Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.

Budak Boloho

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."

Mimpi Malam Jum'at

Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.

Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."

Orang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"

Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh ngimpen deui."

Orang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"

Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen ee"

Orang Sunda : "Kumaha tah?"

Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha...."

Maung jeung Uncal (bodor si cepot)

Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna

"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.

"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden lapar.."

Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong susa sisi PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.

Kacang Hejo

Hiji peuting si aki jeung si nini keur ngalobrol di kamar memeh sare.

Aki : "Nini urang teh geus karolot,aki rek menta dihampura bisi aya kasalahan ka Nini"

Nini : "Ih aki sarua nini oge, urang silih hapura we atuh umur mah saha nu nyaho."

Aki : "Sukur atuh ari nini rek ngahampura ka aki mah,sabab aki teh pernah salingkuh ka nini"

Nini : "Kutan jeung saha aki?"

Aki : "Eta jeung Si Edah tukang lotek tea,terus jeung Si Emeh anak Mang Sarkawi,malah jeung Si Icih oge nu dilebak ngalaman."

Nini : "Nya ari aki geus ngaku mah bari jeung ngarasa kaduhung teu nanaon ki dihampura,tapi nini oge sarua geus pernah salingkuh."

Aki : "Ari nini jeung saha?"

Nini : "Ari nini mah mun geus salingkuh teh sok neundeun kacang hejo dia toples"

Aki : "Toples nu di dapur nini?"

Nini : "Enya aki,nu dina toples mah sesana pan anu sakeler mah beak dibubur."

Aki : "????????!!!??"

Kodok Bangkong

Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti Jakarta, kabeneran manehna jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.

basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.

Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong"

Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"

Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"

Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak

Copet Bandung

Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis.Maklum,na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.

Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana,kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu,

Sueb : "Sok sia rek maling naon?"

Copet: "Heunteu mang,"

Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing."

Copet: "..?@/???Ehm..."

Terjun Make Payung

Kacaritakeun Solihin budak anu butut boga babaturan ngarana Ii nu kasep jeung Ginda nu super cool. Di hiji waktu barudak nu tilu eta ulin ka tempat latihan TNI angkatan udara terjun payung.

Ii : "heh ihin, abi rek nanya ka maneh. Majar maneh teh pinter lin?"

Solihin : "rek nanya naon maneh? Naon wae pertanyaannana pasti ku kuring mah ka jawab." ( sabari masang wajah anu balaga. Padahal mani geuleuh gaya na teh)

Ginda : "bener hin maenya the master teu bisa ngajawab" (bari semu ngaledek)

Solihin : "heueuh bener"

Ii : "kieu hin, urang rek nanya. Mana nu bener ? "terjun payung teh terjun make payung" atawa "terjun payung teh terjun make pa" "sok jawab mana nu bener. Kapanan maneh teh pinter"

Ginda : "sok hin jawab. Ulah lobah mikir"

Solihin : "gampang atuh eta mah. Nya nu bener mah atuh terjun payung teh terjun make payung. Kumah benerteu?”

Ii + ginda: "wah ihin, maneh bener pisan. Bener bener bener goblok gebloh teu katulungan matak ge sakola meh rada ngarti seutikmah"(sabari seuri cacarawakan)

Solihin : "naha uing salah kitu"(sabari mikir)

Ginda : "geus ayeuanamah, supaya maneh yakin mana jawaban nu bener. Ayeuna urang terjun payung. Maneh terjunna make payung. Urang jeung si ii make parasut"

Solihin : "hayu. Ke keheula lamun urang terjun tina kapal atuh meureun koid”"
Ii + ginda: "pikiran we olangan. Da moal nyaho ari can di ajaran mah"

Solihin : "?@#??!%%!#~`"

Sendal Kuring

Di hiji poe jum'at saberes jum'atan, si ucok (orang batak nu karek pindah k bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong,,

Si Ucok: "Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok...

Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta pa hili?? Wah kudu di bantai ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??? Wah duanana ku kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??"

Sato Anu Endogan

Guru : Barudak,, sato naon anu endogan???
Budak I : Hayam..
Budak II : Entog,
Udin : Asin...
Guru : Ahoi,, naha aya sato asin??
Udin : Apanan di pasar ge aya endog hayam, aya endog entog, jeung aya oge endog asin,,.
Guru: Kajeun pensiun aing mah....



8 jenis MIE nu t'meunang dikonsumsi sbb bisa ngakibatkn ka naraka, nyaeta:


1.mie dua keun Gusti Allah.

2.mie mie susu lain muhrimna.

3.mie luan aliran sesat.

4.mie kiran teuing dunia.

5.mie harep asup surga ku amalan goreng.

6.mie lampah pagawean setan.,

7.mie ceun runtah kana beungeut mitoha.

8. Mie kul pamajikan batur..:D

PUTUS

Didin :“Mun, hubungan urang teh tos we dugi kadie nya ? Sanes Didin teu nyaah, tapi……….”
Mimin :“Naon ari Didin ? Hubungan naon ieuteh ?“
Didin :“Muhun, hubungan perkawis hutang“.
Mimin :“Ngenah we diputuskeun, atuh kuring rugi, wayah !“

LEUNGIT BUDAK

Udin :“Putra simkuring anu cikal dileweng teh, salamet tina pangreweg skadang maung“.
Usro :”Allhamdulillah………………….. ari salamet kumaha”
Udin :”Dilegleg buaya !”

KADAHARAN PALING HARAM

Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"

Ngajawab Soal Ujian

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make

Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna."


Tips Jalan Jalan

Inilah tips jalan jalan dikota bandung..
Saderek urang luar kota anu bade jalan jalan dikota bandung dihandap ieu aya sababaraha tips supados aman sareng nyaman jalan jalan di bandung..

1. Pastikeun mobil anu bade di tumpakan leres leres ka bndung.. Sanes ka surabaya atanapi ka jogja.

2. Lamun tos dugi ka bndung tong lngsng mondok di bumi batur nu teu kenal, bisi di usir.
Langkung sae mah milarian pamondokan atau hotel.

3. Upami bade meser acuk ka cihampelas atau factory outlet, tong hilap nyandak artos atau krtu kredit..
Kusabab diditu teu aya mu dianjukeun..

4. Upami bade jalan jalan ka BPI, BSM, atanapi mall nu sajen, tong hilap nganggo acuk tong ngisinkeun nyalira.

Hatur nuhun

*Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda*


a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian

b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager

c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh

d. Die Hard II - Can Paeh Keneh

e. Die Hard III With A Vengeance - Nya’an euy Hese Pisan Paehna

f. Bad Boys – budag bedegong

g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur

h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor

i. Here’s Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

j. Mission Impossible - Moal Bisa

k. Titanic - Tilelep

l. Paycheck - Nganjuk Heula

m. Reign of Fire - Beubeuleuman

n. Original Sin - Tara Ka Mesjid

o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul

p. Silence of The Lambs - Embe Pundung

q. Ghost - Jurig Kasep

r. Bad Boys - Budak Baong

s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?

t. Home Alone - Tinggaleun

u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman

v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!

w. The Awakening - Hudang Sare

x. After The Sunset - Tereh Maghrib




Kumpulan Tatarucingan

Kekayaan akan bahasa menjadi kebanggaan tersendiri yang tak pernah tergantikan. Bahasa sunda dikenal memiliki ciri khas tersendiri baik dari sisi pengucapan dan penggunaan kalimat yang diperuntukkan pun memiliki beberapa kategori. Sehingga penggunakan bahasa sunda yang kita gunakan untuk anak kecil, sebaya dan orang tua itu memiliki ketentuan sendiri-sendiri.
Saya tidak akan membahas mengenai Bahasa Sunda secara detil, jadi to the point saja bahwa saya menemukan kumpulan "Tebak-Tebakan" atau dalam bahasa sunda disebut "Tatarucingan".
TatarucinganOkey, kita langsung saja ke TeKaPe ya ..
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
6. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
20. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
21. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
24. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
30. Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
32. Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
38. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
39. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
44. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
50. Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
55. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
56. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
titinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
60. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
62. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
63. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
64. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
69. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
71. Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
72. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
73. buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu)
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
77. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung)
78. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
81. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
84. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
86. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
87. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
89. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
90. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
92. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
94. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
95. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
98. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
99. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
100. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
101. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
102. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
104. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
106. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
111. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
116. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)